Jumat, 18 Desember 2009

Carita Pondok


Cangkir SténlesRata Penuhku Syarief Hidayat

Anu aya na pikiran kuring can tangtu aya na pikiranana, tapi manéhna geus asup kana rangkay pikiran kuring. Léngkah jam, léngkahna kuring ngudag kahayang. Na pikiran kuring lir cai nu ngagolak, panas..! Komo deui mun éta cai dikeukeub, ditutup, dipendet, ditulakan, dikonci caran panto....ehm hareudang panas kacida matak ngésang saawak-awak. Kitu deui nu aya na pikiran kuring ayeuna. Aya hiji kahariwang anu nyumput tur éta kahariwang téh maké jeung ngahalangan kuring pikeun ngaléngkah. Jadi beurat ngaléngkah téh, émang enya, nyaan. Sakapeung mah éta kahariwang les ngaleungit, sakapeung jol datang deui. Naha ieu guratan carita nu datang ti Gusti keur kuring poé ayeuna, atawa ieu mangrupa tuluyan anu baheula. Na haté kuring embung aya nu disumputkeun. Malah kuring sok tara meunang jawaban, nalika kuring nanya ka diri sorangan.
Hawa peuting geus karasa kana kulit saawak-awak. Hawa tiis mawa tingtrim kaayaan di kamar. Éta pikiran keukeuh mumul mangkat na pikiran. Na naon ngeunahna ngajedog na pikiran kuring, malah ku kuring ayeuna dipikangéwa, dipikageuleuh, rujit tur rungsing kuring mikiranana. Mun enya éta barang anu bau, bauna kabina-bina. Malah runtah gé asa teu bau-bau teuing. Mending ngukut runtah, dikumpulkeun tur dipalastikan dina mangsana geus pinuh, lung dialungkeung ka wadah runtah atawa ka susukan. Ah.... da nu aya na pikiran kuring lain barang, najan kuring geus nganggap éta siga runtah, tapi éta runtah naha teu pinuh-pinuh. Malah beuki nambahan.
Tina kutrat-kotrét tadi beurang can kénéh diketik. Masih aya di luhureun méja jati di luar. Kamari pisan poé minggu kuring nganteurkeun manéhna. Pas balik ti jalan Ganésa, ti acara Pasar Seni, kuring nganteurkeun nepi ka terminal Leuwi Panjang. Manéhna rék mulang ka Cianjur. Na angkot kuring keukeuh nempokeun kumaha kuring sono ka manéhna anu geus lila teu panggih. Aya kana genep bulanna Sépti, teu ulin ka Bandung. Kamari minggu kaparengan wé manéhna kanu hajatan lanceukna di Cijerah. Sanggeus kuring nganteur, ku kuring diajak ka Pasar Seni. Kahariwangan kuring beuki beukah, nalika panon poé geus mulang ti heula. Harita hujan. Hujan nu munggaran dibulan séptémber. Harita ngahaja ké geus raat hujan manéhna rék mulang. Ah da ngan ukur naék beus, tuluy turun pas hareupeun imahna. Jadi kuring teu kudu nganteurkeun ka Cianjur. Salila dijalan manéhna teu eureun ngasms kuring. Sépti awéwé anu mawa kuring kana lawang kahirupan anu sabenerna. Caah kanyaah anu salila ieu aya di kuring maseuhan awak manéhna. Sépti kuliah di Unsur Cianjur, ayeuna karék seméter dua. Sépti muka hiji kanyataan yén enya Gusti mah adil. Awéwé anu kamari kungsi bareng jeung kuring ayeuna geus teu diharepkeun deui. Boh kanyaahna boh rasana cintana.
Ayeuna geus jam salapan leuwih, na méja cangkir sténles maturan kuring muka lawang peuting. Hirup kuring hayang siga cangkir nu aya di hareupeun kuring. Nyaan kuring jadi inget deui ka manéhna, anu geus méré kuring hiji pangalaman anu teu bisa dihapus na haté kuring. Saacan kuring jeung Sépti kuring keukeuh hayang ngajadikeun manéhna batur hirup kuring di dunya, tapi buktina kieu ayana kuring moal maksa. Malah mun dipaksa gé moal matak hadé kalakah goréng. Awak kuring siga gelas, mun ka badug murag nya peupeus. Tapi ké heula ayeuna kuring jadi cangkir sténles. Malah kuring hayang dibantingkeun sagala. Mun téa mah kuring kabaseuhan tuluy kagaringan kuring moal karatan, lantaran kuring sténles. Enya kuring ayeuna cangkir sténles, Sépti cientéhna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar