Rabu, 03 Februari 2010

Ngudag Onta [carita pondok]


Budalan ogé kuliah, rada tunduh karasa pisan. Sabenerna tadi kuliah téh soalna rada lieur ogé masualkeun ngeunaan kaéndahan lamun teu jeung barangna atawa udagan anu nyampak. Pa Agus, dosén éstetika alus ogé nerangkeun panganteur éstétika Ahmad ogé jadi rada ngarti najan saeutik, pan cenah ceuk Pa Yayat ogé dosén mata kuliah Wacana, anu saeutik éta anu matak matil téh tur ngégél. Tapi angger Ahmad tadi di kelas leuleungutan aya ku ni’matna kabayang Ahmad leuleungutan lamun keur akad nikah sigana kawin téh moal jadi.
Budalan kuliah barudak bangun anu bungah. Aya anu heureuy nepika silih babuk jeung silih tonjok, aya anu silih poyok aran indung bapana padahal indung bapana di lembur teuing keur naon éh ieu kalah silih poyok, aya anu neruskeun ngasmsna, aya anu neruskeun nagih hutangna, aya rék balik ka kampung tapi béda jeung Ahmad boga rencana anu béda jeung babaturan. Ahmad kuliah di Jurusan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia. Ayeuna geus séméster tujuh. Jangkungna 177cm, kulitna bodas, buukna euweuhan da unggal dua bulan sakali sok rajin dicukur di daérah terminal Ledeng. Aya anu matak ngabédakeun manéhna jeung mahasiswa basa Sunda lianna pangpangna mahasiswa lalaki. Mun disidik-sidik manéhna ngabogaan jénggot anu panjangna kurang leuwih 3 incian mah aya. Teu bisa mastikeun lantaran samet ayeuna can kungsi ngukur éta jénggot. Ahmad poé kamis ayeuna katingali anu leuleus.
“ Mad, Lotté?” Aji, salah sahiji babaturanana kelasna ngahaja ngadeukeutan nawarkeun permén karét.
“ Nuju syaum?” waleran Ahmad sakaligus ngareuwaskeun Aji.
“ Aduh.. punten Mad, dupi ayeuna dinten..kemis nya. Hébatlah Ahmad mah tos syaum, padahal bulan romadon lami kénéh.“
“Ih ..sanés hébat, tapi maksakeun ieu gé. Da ari teu dipaksa kieu mah maol tangtu pareng.”
“Oh.. anu keyeng tangtu parengnya?”
“Sabenerna abdi ogé isin ari syaum téh?”
“Naha! isin kumaha Mad? Aji janten teu ngartos?”
“Muhun Ahmad sok mahiwal sorangan, batur mah teu syaum ari Ahmad nyalira syaum.”
“Éh..ari Ahmad sanés anu kitu téh saé?” Aji beuki panasaran.
“Muhun ari kahoyong mah sadaya réréncangan kuring di kelas téh tiasa siga Ahmad, syaum unggal senén sareng kemis. Jadi Ahmad ngalira teu mahiwal. Ahmad mah syaum, ari réréncangan teu syaum. Ahmad jadi isin téh.”
“Atuh lamun kitu mah sanés ti kapungkur, Aji ogé lamun diajak syaum mah hayu-hayu waé. Da muhun ari mahiwal sareng nu sanés ari ogé ngartos kana kituna. Tapi sigana éngké sasih syaum mah Ahmad moal isinnya?”
“Éh.. Ji, dupi éngké wengi moal mulih ka Pasir Koja?”
“Moal, .. kaleresan badé mondok di Geger Arum di réréncangan SMA, soalna tos lami hoyong tepang, émang.. badé aya naon?”
“Ah isin?”
“Teu kedah isin?”
“Muhun hoyong ngajak Aji ka DT(Daarut Tauhid) kanggo ngadangukeun ceramah KH. Abdulah Gymnastiar, wengi ayeuna?”
“Insya Alloh nya?, éta ogé upami..”
“Éh muhunnya, kan Aji badé ka réréncangan téa, sareng deui tos lami pisan teu acan tepang. Kumaha atuh lamun urang solat tahajud berjamah wengina tiasa?”
Aduh Aji bangun anu diasongan péso, éta pé rék disogokeun kana tikorona. Pisurgaeun éta ajakan. Lir ibarat saf panghareupna di masjid. Ahmad tangtu aya di jajaran panghareupna. Ceuk kiai apan ari saf panghareupna téh sarua jeung onta… ehm kayungyung. Kumaha ari saf pangtukangna sigana éta mah ngan meunang hayam, ah lain hayam tapi endogna. Aji jadi teu luas nolak kana paménta manéhna. Tapi Aji rék ngusahakeun hudang janari langsung ka masjid DT.
“Insya Alloh, upami teu kawengian ngobrol sareng Urip di Geger Arumna, jeung Aji ogé tos lami tara gugah janari. Terahir téh.. uhh.. tos lami, éta ogé sasih syaum kamari. Nya Insya Alloh éngké jam tilu subuh Aji ka DT.”
“Nuhunnya Ji, Assalamualaikum wr. wb.”
“Waalaikumusalam wr.wb.?”
Sumangetna Ahmad dina ibadah lir seuneu anu ngalentab kalakay-kalakay anu ngalayang saencan nepi ka taneuh geus kaduruk. Lamun dina pertandingan maén bal jemput bola sigana.
Lila ogé Aji nyarita jeung Ahmad. Teu karasa geus hareupeun gedung PKM (Pusat Kegiatan Mahasiswa). Ahmad asup ka PKM Aji ka handap ka masjid Alfurqon.
Tonggérét banén marengan datangna soré. Hawa soré karasa nabrak kana awak, kana kulit beungeut, ngadupak batin? Ngahaliwir. Ahmad paling saeutikna ngingeutan Aji salaku babaturan. Salila ieu ngarasa deukeut jeung manéhna tapi karék ayeuna ngarasakeun kumaha deukeutna nu jadi babaturan. Malah Aji asa lain batur deui tapi ogé dulur anyar. Komo deui mun seug inget keur baheula basa jaman ospék. Moal bisa dibayangkeun Aji boga hutang kamanéhna sakitu gedéna, lain duit tapi tanaga jeung pikiran. Ahmad lir penaséhat atawa kokolot, najan Ahmad teu kolot tapi pamikiranana mawa ka jalan kahadéan. Hiji waktu Aji kungsi ngobrol ngeunaan awéwé manéhna siga anu anti, tapi pas ku Aji didedeseuk jeung dituduh anu lain-lain, manéhna ahirna nyaritakeun pangalamanana ka awéwé. Najan ditutup-tutup ogé ahirna kapanggih ku Aji tipe awéwé anu dipikaresep ka manehna. Tipena nya éta tipe awéwé sok hudang ti peuting. Dina harti lain rék usaha dina waktu poék mongkléng tapi anu rajin solat tahajudna.

Di salah sahiji rohangan di PKM Ahmad keur sibuk ngabéréskeun arsip-arsip anu geus teu kapaké. Surat-surat anu kaluar jeung anu asup diarsipkeun. Komputer hurung, RadioHead ngahaleuang na winamp, KarmaPolice. Kerén ogé laguna mah. Ahmad kawilang aktif di fakultas, manehna jadi Sekretaris Jénderal Sénat Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni UPI periode 2005/2006. Teu kungsi lila babaturan Ahmad datang, anu datang nya éta Prima, Ketua Sénat. Prima budak basa Inggris non kependidikan seméster tujuh. Awakna bureuteu, buukna pondok.
Adan isya geus kaliwat sababaraha menit. Tonggérét banén tinggal lawasna. Ahmad rada reuwas.
“Mad, tos netepan?” Prima nanya bari mawa gelas mawa, piring anu rék dikumbahan.
“Isya !!!”
“Éh..tos tabuh satengah dalapan langkung?”
“Astagfirloh….”
Bakat ku antengna kana pagawéan Ahmad poho kana waktu. Tidinya Ahmad nyusul Prima ka cai miheulan hudu tuluy solat isya. Bérés solat, Ahmad pamit ka Prima rék DT heula. Tadina Prima ogé rék milu ka DT, tapi lantaran aya kaperluan anu ngadadak, Prima kudu ka Gunung Tangkuban Perahu peuting ayeuna, teuing aya naon Ahmad sorangan teu apal. Padahal rorompok Prima di Gunung Batu Cimahi. Jam dalapan kurang dalapan menit Ahmad jeung Prima kaluar ti PKM. Prima nganteurkeun heula Ahmad ka DT.
Sapanjang jalan Gegerkalong ramé ku jalma anu ngahaja lempang mapay jalan. Kéor héjo tai kuda teu kaciri deui warnana lantaran jalan rada poék sawaréh. Salain ti kéor ojég ogé minuhan jalan Panoram anu rék ka Geger Kalong. Atuh tukang dagang ogé ngilu ngaramékeun sapanjang jalan Geger Kalong.
Ahmad langsung néangan tempat diuk anu ngeunaheun. Jamaah DT kawilang loba. Timimiti budak ngora, pelajar, mahasiwa, ibu-ibu, bapa-bapa minuhan saf di masjid DT. Nepika jalan ogé dikarpétan dipaké pikeun jamaah DT. Ahmad ngarapihkeun sendal gunungna, sajajar jeung sapatu, sendal jamaah anu lianna. Ahmad kabagéan biwir jalan. Najan kabagéan di biwir jalan Ahmad tartib tur husu ngaleunyeupan ceramah anu ditepikeun ku ustadz KH Abdullah Gymnastiar, anu nenehna AA Gym.


Saha nu teu apal Geger Arum, pikeun sakumna mahasiswa Universiats Pendidikan Indonesia(UPI) tangtu apal éta daérah Geger Arum téh. Pas parapatan tilu pisan imah babaturan Aji, manéhna ngawarung jeung boga wartél. Nepi ka imahna Aji langsung ka warung mung ukur aya bapa Urip nya Aji dititah langsung ka kamarna da Urip di kamarna. Aji langsung lempang ka pentas warung ka imahna. Sup ka kamar gambar Iwan Fals gedé ngajeblag na témbok, Aji jeung manéhna sarua pada-pada budak Oi 16 Juli basa keur sakola kénéh di SMA . Oi hiji organisasi anu pada-pada mikaresep ka Iwan Fals. Oi sorangan singketan tina Orang Indonesia, 16 Juli minangka oi kelompok anu dicandak tina salah sahiji judul laguna Iwan Fals. Urip rada reuwas, pangna reuwas téh Aji teu bébéja rék ka imahna. Aji mahékeun kasono, muragkeun kahayangna pikeun papanggih. Kamanéhna sagala dicaritakeun ti mimiti babaturan SMA nepika ayeuna waktu kuliah. Manéhna baheula kuliah di Unpas jurusan Téknik Industri, lantaran sibuk ku sagala kagiatan, jeung deui kagiatan anu teu ngarojong kana kuliahna, manéhna pindah kuliah ka Unikom. Bari ngagitar, dipirig harmonika anu ditiup jeung dikenyot Urip, Aji ngahaleuang Ujung Aspal Pondok Gede.

Jam salapan leuwih pangaosan di DT, réngsé Ahmad kaciri pisan bongan baju kokona semu hérang-hérang. Barang Ahmad maké sendal gunungna, punduk Ahmad kadupak Ogie, adi tingkatna entragan 2004, buukna beulah dua warna kulit rada poék. Kabeneran pisan éta Ogie panggih jeung Ahmad salaku lanceuk tingkatna. Ogie boga kaperluan anu penting pisan. Ogie rék nginjem sababaraha buku pikeun nyumponan hiji pancén mata kuliah sastra. Atuh Ahmad salaku lanceuk tingkat teu luas lamun teu mantuan mangnéangangkeun buku pikeun nyumponan pancén.
Ahmad jeung Ogie lempang mapay biwir jalan ngabring jeung batur anu tas ngaji di DT. Salila ieu Ahmad teu kost, Ahmad sok aya di himpunan atawa sekretariat mahasiswa jurusan basa Sunda di kampus UPI. Aya kana limabelas menitna jarak antara DT jeung sekretariat himpunan. Nepi ka sekretariat. Mahasiswa-mahasiswa saentragan Ahmad geus euweuh anu beunta. Tv hurung euweuh anu ngalalajoaan. Ahmad langsung muka kardus anu eusina buku-buku. Ahmad kawilang jalma anu resep meulian buku. Manéhna sok rajin ngajualan buku pikeun babaturan sakelasna. Ahmad ngaluarkeun opat lima buku. Tilu buku tiori dua buku antologi carpon.
Hawa sekretariat tiris, komo lamun kabeneran halimun aya di sabundeureun kampus cai anu di wc nyecepna siga cai nang nyicikeun na kulkas. Peuting simpé ngan ukur sora jangkrik silih témbal. Sakali-kali sok satpam anu patroli maké mobil masiksa unggal juru nu anu di kampus nya éta kaamanan kampus. Panto hareup anu dijagaan ku tilu satpam geus rada ditutup. Saurang satpam rada jauh ti panto hareup deukeut ka Pos sibuk keur ngahurungkeun durukan bongan peuting ayeuna hawa siga anu nangtang.
Ogie husu dina migawé pancén. Mukaan buku anu geus meunang milihan. Kitu deui Ahmad cindekul macaan buku mantuan migawé pancén kanu jadi adi tingkat. Kawas gaang katincak di sekretariat himpunan basa Sunda jempé, sawaréh geus pada saré. Lalaguan dina komputer geus aya kana sababaraha kali balikan lagu éta-éta kénéh. Lir orok anu dipépéndé Ogie jeung Ahmad anteng migawé pancén. Tret Ogie ngetik sakali-kali mukaan buku mastikeun pikeun ngadeudeul pancén. Teu Ahmad ogé mukaan buku pikeun mantuan sangkan pancén geura-geura anggeus. Salila migawé pancén, dua gelas cikopi maturan. Ngahaja Ogie tadi rada soré kénéh meulli heula kopi bungkus sangkan teu tunduh jeung deui tikoro sangkan teu hanaang. Katingali éta pancén kudu buru-buru dibikeun ka dosén. Lamun teu buru-buru sigana Ogie moal migawé éta pancén ayeuna. Migawé pancén peuting pikeun mahasiswa lain perkara anu ahéng deui Sanajan éta pancén téh sabenerna geus lila. Dosén ogé tangtu boga pikiran maenya méré pancén ngadadak mah meureun, éta pancén aya kana dua mingguna atawa saminggu. Hiji adat anu sok di diogo ku mahasiswa yén ari migawé pancén sok tara ti anggalna. Ari waktu téréh nyamporét kakara dipigawé. Pajarkeun téh alesan itu, alesan ieu ah loba alesan. Pira gé migawé pancén komo seug lamun éngké néang duit pikeun ngabiayaan rumah tangga ték kumaha? Ahmad ngaping Ogie dina migawé pancén. Ahmad kaasup lanceuk tingkat anu miyuni kembang, lobar adi tingkat anu mikaresep. Éta pédah lamun seug adi tingkat minjem buku lain ngan ukur dibéré nginjem tapi diaping dina mésék pasualan anu disanghareupan ku nu jadi adi tingkat. Ahmad salah sahiji mahasiswa anu loba luang jeung dalung, matak teu salah Ogie ménta tulung ka Ahmad sangkan diaping dina migawé pancén. Lir caang bulan di luar pangaweruh Ahmad népa ka béntang. Ogie minangka béntang anu aya di langit ayeuna atuh kacaangan lantaran caangna éta bulan.

Kitu deui di Geger Arum simpé. Janari gedé geus kaliwat. Aji jeung Urip masih ngunem catur. Ari ngobrol jeung batur anu geus lila teu panggih waktu sajam dua jam teu cukup. Asa sakilat. Sagala waé bisa jadi jejer dina omongan. Narik-narik mangsa anu geus kaliwat anu baheula kungsi babarengan ngalaman. Sakola di SMA nyimpeun hiji panineungan pikeun Aji jeung Urip. Gitar jeung harmonika ngahaneutan hawa kamar anu beuki nyérét ka janari leutik. Opieun geus kari urutna, kitu deui ninyuh cikopi geus aya kana dua tilu kalina. Aji jeung Urip lain ngan ukur babaturan tapi ogé geus jadi dulur. Matakna ari Aji ngahaja ulin mka Geger Arum, pasti kudu mondok.[hanca]


Syarief H., ayeuna sibuk di *RBS*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar