Rabu, 03 Februari 2010

Sapatu Warriors [carita pondok]


“Ma, sapatu sakola abi hareupna geus dobol?”
“Tambal wé..atuh.?! Piraning bolong sakitu maké kudu laporan sagala.Yeuh.... ari sapatu masih kénéh bisa dipaké mah, teu kudu laporan. Apal Ema ogé, éta sapatu geus lila jeung deui bangung nu hayang diganti. Ké mun Ema geus boga milik, ku Ema gé pangmeulikeun. Sabar wé ayeuna mah. Tah geuwat ..siksikan engkol! Tong hararésé ari gawé téh, Wa, Haji geus pesen bala-bala lima rébueun.”
Sanggeus bérés nyiksikan kuring asup ka kamar. Lampu lima watt, gigireun radio nyaangan kuring mahékeun kahayang kana kertas bodas. Saprak Bapa kuring maot kuring euweuh batur ngobrol. Komo ari pasualan lalaki mah. Indung kuring najan sok ngahaja hayang apal kahayang kuring, kuring tara loba nyarita. Kuring leuwih bébas nyarita kana kertas bodas anu ayeuna keur disanghareupan. Kuring teu boga lanceuk. Kuring anak hiji-hijina. Teuing ku naon kuring sok asa ngarasa betah nalika kuring geus ngucurkeun sagala rasa tur eusi haté kana catetan harian. Ayeuna kuring keur nulis, dibaturan caang bulan jeung kasétna na tape.
Salasa, 5 Séptémbér 2006#
Panon poé tadi marengan kuring mangkat ka sakola. Poé ayeuna na haté kuring asa sumanget-sumanget teuing, padahal kahayang kuring pikeun ngaganti sapatu can kalaksanakeun. Malah siagana ngan ukur implengan ukur. Boa-boa kuring meunang musibah. Tapi haté asa bungah. Sajajalan kuring mikiran kumaha carana pikeun ngaganti ieu sapatu. Kuring teu bisa maksa ka nu jadi indung. Malah kuring sok narimakeun kana kaayaan. Keur mah eukeur kuring jalma teu boga. Tapi ah.. alhamdulillah sakieu gé kuring bisa sakola SMP. Ninggang bapa jeung indung kuring SD gé teu tamat.
Sup ka sakola kuring langsung ka barudak. Barudak keur ngarumpul hareupeun mading (majalah dingding) sakola gigireun kantor OSIS. Kuring ngadeukeutan. OSIS SMP kuring ngayakeun pasanggiri ngarang sajak keur sakumna barudak sakola.
Ayeuna jam satengah satu kuring mulang. Kuring mulang naék sapatu hideung nu geus hayang diganti tur bolong sisi-sisina. ***

“Ma ari, buku-buku si Bapa nu baheula rék di kilo téa masih aya? Ku Ema ditunda di mana?”
“Naon maké nananyakeun buku si Bapa, tuh di dapur. Mun teu téga ka si Bapa mah Ema rék mikeun ka tukang rongsokan. Tapi Ema apal kumaha harita Bapa manéh ngumpulkeum éta buku-buku. Jeung deui rék dijual gé moal mahi kana nanaon.”
Aya tujuh kardus sarimi eusina buku-buku baheula. Kuring mukaan tur macaan. Ehm lain ti harita kénéh kuring muka ieu kardus. Najan kuring kulawarga nu teu boga, na haté kuring asa meunang warisan anu moal béak tujuh turunan. Kuring beuki sumanget. Teu nyangka Bapa kuring resep ogé kanu kieu. Tina sakian puluh buku anu ku kuring dibukaan kuring misahkeun hiji buku kumpulan sajak Sajak-sajak Sepatu Tua karya Rendra. Ah sugan wé ieu jadi inspirasi pikeun kuring nyieun sajak peuting ayeuna. Basana najan teu kaharti ku kuring tapi kuring geus mimiti ngabiasakeun. Neuleuman hiji tulisan teu bisa langsung ngarti tur nyaho naon maksudna. Kuring malah kuring nanyakeun ka guru bahasa kuring éngké di sakola.
Sajak Sapatu Hideung
Léngkah kuring, léngkah pangdu’a ti nu jadi kolot
Léngkah kuring, léngkah nu rék nyiar élmu
Léngkah kuring, maturan aspal jeung batu koral
Léngkah kuring, tabungan kuring keur jaga pagéto
Léngkah kuring, léngkahna panon poé
Pasir Koja 5 Séptémber 2006
***
Sabulan ti harita.
Kemis, 5 Oktober 2006#
Alhamdulillah kamari béwara pasanggiri ngarang sajak. Susuganan jeung mimilikan kuring asup jadi pinunjul. Antukna kuring teu jadi pinunjul. Cipanon sabenerna hayang kaluar, ehm.... kuring mulang bari mawa sertifikat, yén kuring geus miluan pasanggiri sajak. Sertifikat mah loba, kuring lain hayang sertifikat. Ahirna kuring ngucurkeun cipanon, malah ngeclak kana sapatu warriors kuring. Warna hideung na sapatu geus robah. Tapi ceurik gé kuring euweuh hartina. Saha anu rék ngadéngé. Kuring mulang meulah komplék Dian Permai, Caringin. Sajajalan kuring tuluy mikiran naha kuring teu meunang. Panasaran naha kuring bet éléh. Padahal kuring geus satékah polah pikeun nyieun éta sajak sangkan meunang.... jadi haroréam nulis sajak deui.
Nepi ogé ka imah. kuring jadi leuwih panasaran hayang macaan catetan-catetan bapa kuring. Keun baé kuring éléh dina pasanggiri nyieun sajak anu penting kuring moal ngaleupaskeun karesep kuring kana macaan carita-carita anu geus ditulis ku bapa kuring. Geus hapeuk jeung loba kebul. Kuring tuluy macaan. Mangsina sawaréh geus rarobah warnana. Nu baheula hideung rada semu coklat kaayeunakeun mah. Sigana ieu geus aya kana mangtaun-taunna. Na luhur unggal kacana, teu weléh ditulisan poé, tanggal, bulan jeung taun.
Teu pira tina sajak kuring ayeuna boga sapatu anyar. Ayeuna kuring keur nyorangan di kamar bari nngadéngékeun kasét na tape.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar