Rabu, 03 Februari 2010

Hareudang [carita pondok]


Mun ngahaja-haja ngitung usum téh asa euweuh gunana. Komo ayeuna ongkoh usum halodo tapi kamari hujan ngagebrét. Malah nepi ka hujan és. Jadi watir ka anu daradang. Komo tah ari kagiliran tukang és, ningali kaayaan halodo kieu mah haténa asa tenang. Éta giliran usum hujan ehmm pikumahaeun tah éta barang dagangan téh. Ehmm untung aya tukang és lilin. Keur mah eukeur ayeuna panas mentrang kieu. Tikoro asa diséblok ku cai sajolang. Najan siga budak leutik ah ari ngeunah teu nanaon, teu kudu éra. Mun maok kakara éra ku sakampung.
“Mang meuli dua?”
Duit sarébu bisa ngubaran tikoro anu sakieu garingna. Tah coba mun di rumah sakit mah, mahi ka nu naon duit sarébu? Malah miceun cikiih di masjid Agung Bandung nu di Alun-alun gé leuwih ti sarébu.
Ayeuna kuring keur mantuan tatangga malé motor atawa ngoméan. Hareudang pisan kana pikiran. Komo ari teu kapanggih panyakitna. Ehmm beuki wé hareudang. Komo tah ari bagéan jerona atawa mesinna nu rusak duitt béak saratus-duaratus téh, asa teu karasa. Leuheung kénéh ari ngoméan bagéan body, paling gé meuli cover. Kuring milu gawé di tatangga kuring anu sok jual-beuli motor. Ah ieu mah itung-itung diajar momontiran. Bari sakalian nginget-nginget basa sakola di STM.
Alhamdulillah tah geuning adan lohor geus nitah kuring pikeun ka cai. Kuring ka imah heula. Hareudang karasa, saawak-awak pinuh ku késang jeung leungeun bobolokot ku oli, jadi hayang mandi. Kabeneran cai di daérah kuring teu hararésé. Pédah ngilu nyelang ka pabrik tahu, jadi unggal poé ngocor waé. Bérés solat lohor, can ogé ngadua di luar ceu Euis, gogorowokan.
”Yeuh...ari ulin tong jeung urang Madura. Geus nyaho manéh téh sok ceurik waé?” ceu Euis nyarékan anakna si Lélén.
Éta sora teuing sabaraha oktaf. Nu puguh mah ceuli kuring gé asa kaheurinan ku tarikna omongan ceu Euis pamajikan mang Harun bos tahu di daérak kuring. Éta emasna renceum siga toko emas Harapan Jaya di daérah Jamika waé. Uuuh hareudang. Teu pira pasualan budak leutik kakuat jojorowokan kitu. Émang geus adatna kumaha deui atuh...
Méréskeun pagawéan nu tadi. Tinggal saeutik deui. Teu lila torojol datang nu nawarkeun motor Suzuki Smash taun 2004, warna beureum. Manéhna hayang lima saparapat ditawar ku si Éé tatangga kuring opat saparat. si Éé ningalian heula tur nyobaan éta motor. Starter jalan, lampu-lampu harurung, mesin teu ceurik, nomer rangka, nomer mesin alus. Pas di tanyakeun faktur ti dealer? Nu nawarkeun ngahuleng...
“ Pa ..pami teu aya faktur penjualan ti dealer ah.. abdi mah teu wantun?” si Éé nanya bari ningalian STNK jeung BPKB.
“Émang kedah aya faktur penjualan?”
“Muhun A, pami teu ah wios... teu cios”
“sanés abdi téh kamari mésér motor ieu téh pun lanceuk, janten teu teurang nanaon?”
“Émang mésér di mana ?”
“di Pagarsih?”
“Ahh.. mending dipasihkeun deui ka bandar nu aya di Pagarsih?”
“ Muhun éta ogé alimeun”
“Naha? Ah éta mah teu tanggung jawab wé bandarna?”
“Wios atuh abdi badé ka Pagarsih deui wé?”
“Muhun A, pasihkeun deui ka bandarna wios wé kajeun dipotong saratus atawa dua ratus mah daripada teu pajeung diical mah”
Nu mawa motor ngabeleunyeung ka béh wétankeun mapay sisi susukan nu barau ku cai ti pabrik.
“Ehmm hareudang meuli motor euweuh faktur penjualan mah?”
Ehm jaman ayeuna masih aya kénéh anu katipu.. hareudang... bérés ogé geuning...
“Cing pangnyelahkeun?” si Éé nitah bari leungeun udud Samsu.
“tTah alus ..euweuh sora totorotokkan deui”

“Awas sia mun ulin deui jeung budak aing, geus Lélén asup ka imah. maén PS mah sorangan !”ehmm ceu Euis ngadat deui bari leungeun mamawa sendal capit. Lain lamun jadi aktor mah alus. Siga téh Rinrin salah sahiji aktris teater di gedong kasenian Rumentang Siang Bandung.

Syarief H. Ayeuna mah sanes di Pasir Koja, tapi di Cibeber.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar