Jumat, 18 Desember 2009

Carita Pondok



runtah#
ku Syarief Hidayat

Saméméh manéh, kuring. Sanggeus aing, sia. Anu ti heula manggihan éta runtah. Tah paling gé isuk geus diduruk tur moal nyésa. Entong....tong diduruk. Éta mah barang bukti. Najan manéhna runtah tapi naha unggal peuting sok aya anu ngahaja mungkus éta runtah téh ku kanyaah. Najan kanyaah nu saléwat, tapi keur manéhna mah éta rizki ti gusti. Manéhna téh runtah anu mangkal unggal peuting di daérah stasion. Cek saha kuring runtah. Kuring mah awéwé. Tur ieu geus matuh jadi pagawéan kuring. Mun teu kieu...saha nu rék méré rizki ka kuring. Mun teu kieu naha éta rizki rék murag kitu waé ti langit. Keun baé kuring ayeuna kieu tapi isuk jaganing pagéto ehmm gusti tong nepi ka anak incu kuring ngalaman hirup di jalan. Keun kuring anu ngalaman peurihna néang duit. Cadu anak incu kuring kudu turutan turun ka jalan caran kuring. Tah..runtah...kuring téh runtah... naha maké bet harayang diambeu. Tuluy maké daratang deui ka dieu. Mun enya kuring runtah, tangtu anu ngaranna runtah geus euweuh guna jeung mangpaat. Najan aya mangpaat sup ka tukang loak. Tah runtah.. kuring lain runtah.. kuring jalma. Sarua caran batur. Boga kahayang anu gedé. Najan éta kahayang sok pagedruk jeung kaayaan. Tah ayeuna kuring rék ngalayanan heula tamu, pan tamu téh lain sémah. Tapi kudu ditata sareng dijamu. Kè anjeun masih kènèh rèk nganggap kuring tèh runtah. Kè heula, naha makè anjeun mikiran kana pasualan hirup kami. Yeuh kami mah geus boga galur nu ngagurat. Kahirupan kuring moal nenggar kana kahirupan batur. Naon kami anu sok ngarusak rumah tangga batur. Atuh èta mah bongan salaki di dinya nu tara dibèrè napkah nu cukup tur nedunan sunah nabi tèh kudu nu pasti. Dina lebah dieu kuring rada kasinggung, alatan enya kuring sok meunang bangbaluh nu samodèl kitu. Enya kuring sok sarè jeung lalaki anu boga alesan yèn pamajikanana geus kolot tur geus teu ngeunah dipakè. Tah palebah dieu naha rèk dijawab ku saha? Mun kuring angger nu meunang kasalah keun baè. Èmang kuring geus kudu kieu ayana. Hirup kuring pinuh ku napsu lalaki-lalaki anu teu ngeunah dahar satè di imahna. Alatan manèhna meuli satè di jalan tèh èta wè mumul ngurus jeung maraban di imah nu anyar. Enya mun manèhna nyaan hayang nyunnah nabi. Naha atuh henteu kawin, jalan kawin, hiji jalan anu pangalusna. Matak manèhna ngan ukur bisa meuli, daripada kudu bèak sagalana. Masih kènèh medar kuring tèh runtah. Enya kuring ayeuna ngaku yèn kuring runtah. Tapi hirup kuring moal tuluy siga kieu. Jalan anu ku kuring keur dilakonan tèh keun ieu jalan kuring sorangan. Batur teu kudu riweuh mikiran kuring, kuring boga jalan sorangan. Unggal peuting, geus jadi peuting anu bener-bener pinuh ku mangpaat pikeun usaha. Peuting keur ku kuring, waktuna usaha. Teu sieun angin ngagelebug gedè. Kuring moal bisa ngalèwatkeun hiji peuting gè moal...moal diliwatkeun. Peuting isuk kuring teu apal rèk kumaha, kitu ogè peuting ayeuna. Naha masih kènèh loba lalaki anu ngahaja kuring teu apal, kuring lain tukang ramal kuring teu bisa mastikeun. Nu puguh mah kuring ayeuna rèk usaha keur ngebulkeun dapur kuring. Kahirupan kuring sarua jeung batur, euweuh bèdana. Kahirupan kuring kahirupan jeung hawa peuting anu pinuh ku napsu saliwat. Lain kanyaah anu bener-bener ku kuring dianti-anti. Nyaan ieu mah ngan saukur napsu jeung napsu. Napsu nu geus dibeuli ku harta, nu bakal mangpaat keur kuring. Ceuk saha keur kuring ungkul, keur batur kuring aya mangpaatna. Pikeun lalaki anu nunggara sorangan kuring tèh batur manèhna. Najan saliwat, èta geus jadi pagawèan anu netep keur kuring. Sakapeung kuring cicing mikiran hirup kirung nu èndah. Na pikiran kuring lain runtah. Kuring gè jalma siga batur, nu pagawèanana ngawadahan napsu lalaki nu teu kacomponan di imahna. Teuing kuring teu paduli alesanana naon, anu penting mah kuring geus nulungan manèhna unggal peuting. Teu kaitung sabaraha ratus lalaki anu geus ngasaan amis jeung gurihna daging awèwè kuring. Malah nepika ka ayeuna kuring geus boga langganan TNI. Manèhna tugas di Bandung. Kuring teu apal pangkatna, nu puguh mah manèhna sok mèrè duit loba ka kuring. Kadang manèhna sok nepi ka subuh, nepi ka kuring teu bisa nyèsakeun keur batur. Kuring sorangan sok bungah lantaran teu gunta-ganti lalaki, jeung deui ngudag bayaran anu ku manèhna dibèrè manèhna bisa dibandingkeun jeung opat kalieun langganan biasa. Ayeuna tanggung bulan paling gè manèhna sok ka dieu kè awal-awal bulan. Geus rada peuting karèk hiji lalaki nu geus mèrè kanyaah nu ngan ukur saliwat, nu moal pegat nepi ka iraha gè. Lantaran ieu gurat hirup kuring, hirup di jalan narima napsu lalaki-lalaki balangsak.

1 komentar:

  1. jero pisan beunang kamu kahirupan nu nyata na
    hargai dan hormati mereka sebagai manusia yang sejati

    BalasHapus