Minggu, 20 Desember 2009

carita pondok


Yuli
ku Syarief Hidayat
Ngaranna Yuli. Teuing asa ku anéh, saprak kuring wanoh jeung manéhna naha maké bet dingaranan Yuli, padahal kuring ningali data dina administrasi KKN(Kuliah kerja nyata) téh manéhna lahir bulan agustus. Lamun lahirna bulan agustus anu pantes keur awéwé sahanya? Ngaran Yuli pantesna keur anu lahir bulan Juli. Jeung deui lamun keukeuh hayang mawa bulan agustus kanu ngaranna,…. Agustiningsih, alus ogé. Nya alus ! atuh éta ngaran téh ngaran babaturan kuring basa kuring sakola kénéh di SMP Negeri 39 Bandung, jalan Holis no. 439 Bandung.
Kuring masih diuk di salah sahiji tempat diuk nu aya di Partere nyanghareup hiji patung budak leutik keur manggul mangkok gédé ku tiluan. Cai balong hareupeun kuring warna alus oge ? Beda jeung balong anu aya di béh luhur. Kuring diuk sila, na leungeun kuring buku panganteur estetika dibuka dina kaca 10. Rada lieur ogé, maca ngeunaan éstétika. Nyarita kaéndahan bari jeung barangna can tangtu aya, najan aya ngan saukur gambar-gambar anu ku kuring jarang kaharti naon maksud éta gambar. Tapi lamun keur budak seni rupa sigana nyarita éstétika nyambung ogé.
Yuli angger dina tempat anu tadi, cicing, bangun anu bingun, kaciri dina beungeutna, sakali-kali maca surat atawa buku jeung deui asa siga anu nungguan lalaki. Sahanya lalaki anu ditungguanna ? Kuring ngahaja teu nyampeurkeun padahal na jero haté kuring hayang pisan nyampeurkeun ka manehna, tapi asa éra. Soalna euweuh picaritaeun. Jeung deui palaur ngaganggu ka manéhna. Panon poé méré hawa haneut ka sabundeureun Partere lir lampu lima watt di hij kandang hayam méré hawa haneut komo deui komo lamun peuting. Kuring oge kabagéan haneutna panon poé.
Kuring sorangan jadi panasaran. KKN geus kaliwat sababaraha minggu, tapi lantaran ayeuna manéhna aya di hareupeun kuring sok asa nineung keur KKN. Kulitna bodas lir kembang tahu anu unggal isuk-isuk minggu sok dijadikeun sarapan kuring, matana sipit tapi teu siga urang jepang, buukna leumpeung jeung deui katingalina rada heuras kawas sapu injuk.
Hawa Partere jam salapanan bangun anu nikmat, kabayang lamun unggal poé dosén euweuh ehm ngeunah meureun ! tapi iraha kuring rék kuliahna, ari dosénna gé tara hadirna waé mah. Tangkal caringin anu gedé di tukangeun kuring lir indung méré katengtreman ka sing saha waé jalma anu hayang néangan katenangan di Partere.
Euh, haus ogé. Yuli ngaluarkeun téhkotak dina kantong SophieMartinna jeung dahareun anu lianna. Katingali aya kiripik sampeu dibungkus palastik. Euh beuteung kukurubukan. Di béh kénca na torowongan Partere bring bijil mahasiswa-mahasiswa ngabring rék ka Ledengkeun. Aya kana belasanana mahasiswa anu ngaliwat téh, Yuli kakuat teu kaciri. Mahasiswa anu laliwat geus euweuh, tapi maké aya awéwé siga jalu gek diuk digigireun Yuli. Geulis ogé, jangkungna sapantar jeung Yuli. Ngan palebah buukna ieu mah pondok. Ningali buuk na siga vokalis Rolling Stone, Mick Jagger. Calanana lepis belel ngatung deui, sapatuna Converse klasik geus rada goréng. Manéhna maké kaos rada ngetat. Na dada aya gambar létah keur ngelél. Matakna kuring jol inget ka Mick Jagger ogé pédah wé aya gambar létah. Sahanya? Babaturanana lainnya? Ehmm geulis ogé?
Beungeut Yuli bangun anu bungah beda jeung tadi. Yuli ngaluarkeun téhkotak deui na kantong SophieMartinna. Euh coba lamun kuring anu ti tatadi aya di dieu, langsung ka manéhna moal burung dibéré téhkotak, mangkaning tikoro asa hanaang.

Rada anéh jeung deui teu asup akal ! naha éta leungeun bet bisa silih cagap jeung deui asa euweuh watesan. Ké..ké… eta kaayaan kitu siga awéwé jeung lalaki. Tapi apan da ieu mah awéwé jeung awéwé? Kuring bingung ogé! Uuhhhh hareudang !!! uluh maké jeung silih huap kiripik sampeu sagala ! naha enya ieu si Yuli téh resep ka sasamana,ah teu percaya ! tapi kuring sorangan anu nyaksianana ku sirah jeung panon sorangan. Tiis ceuli, hérang mata. Yuli ka kuat tiis kitu sawareh jalma ningalikeun kalakuan babaturan kuring.
Asa teu kudu kitu , jeung deui … aduh éta rék ka mana si Yuli maké pa kaléng-kaléng sagala rupa pikahariwangeun waé.
Yuli jeung hiji awéwé anu ku kuring teu apal ngaranna ninggalkeun Partere. Ayeuna kuring masih diuk, na ingetan napak tanda tanya anu gedé. Manglebarkeun awéwé sakitu geulisna kudu...

Pasirkoja, Séptémber2005







Tidak ada komentar:

Posting Komentar